Tuesday, February 6, 2007

Panganteur ti Blogger

Sampurasun,

Kapungkur aya website anu ngaranna http://www.mangle-online.com. Ayeuna mah tos teu aya. Saurna mah aya nu nga-hack. Janten bade mukaan ruhangan anu dipikaresep tos teu tiasa deui.

Padahal ayeuna aya carita nyambung anu rame. Kumaha lamun majalahnya ical, teu tiasa diaos deui? Atanapi anu ngagaleuhna eceran, teras kalangkung?

Kumargi eta, simkuring ngawantun-wantun maneh ngetik carita nyambung ieu –beu, meuni seueur—teras di-online-keun. Supados para wargi tiasa maos oge, wios teu ngalanggan majalah Mangle, atanapi anu nuju di luar Jawa Barat/Indonesia, nu sesah milari Mangle.

Mugia majalah Mangle sareng pa Yoseph Iskandar masihan widi.

Cag ah!

Labels:

0 Comments:

Post a Comment

Subscribe to Post Comments [Atom]

<< Home