Tuesday, February 6, 2007

Panganteur

Nguningakeun. Sabada tamat carios nyambung “Cutatan Pasir Aseupan” karya Dadan Sutisna, ti kawitan Mangle nomer 2070, seja kapidangkeun carios nyambung Roman Sajarah “Silihwangi Maharaja Pajajaran” karya Yoseph Iskandar, nu nyarioskeun riwayat tokoh Prabu Siliwangi, ti mangsa budak dugi ka janten Maharaja Pajajaran. Sakumaha nu parantos, seratan Yoseph Iskandar diilhaman ku hasil panalungtikan sajarah mutahir. Tokoh Prabu Siliwangi, dina “Silihwangi Maharaja Pajajaran” ku Yoseph Iskandar, digambarkeun salaku manusa realis, tapi pinunjul, romantis, herois tur logis. Intrik, konflik palsafah, disarungsum kalawan gemet.

Kitu deui karakter, setting, kostum, henteu lesot tina referensi sajarah logika nu kungsi dibaca jeung ditalungtik ku Yoseph Iskandar. Harepan Rumpaka Mangle, mugia carios nu bade dipidangkeun, tiasa ngeusian batin-batin nu gandrung kana kasundaan.

Benten sareng karya-karya Yoseph Iskandar anu settingna dina jaman moderen, basana boh dina babaran, boh dina pagunemanana diloyogkeun sareng latar tukang carita mangsa Tatar Sunda dina abad ka 14-15. Kitu deui adegan-adegan romantisna ngabuktoskeun idiom-idiom basa Sunda kacangkem ku pangarang, boh nu latarna jaman bihari, boh nu kajantenan jaman ayeuna. Unsur-unsur erotis, katut humor estuning merenah pisan dilarapkeunana numutkeun jaman, henteu karaos ningnang (anakronistis). Nyanggakeun.

Labels:

0 Comments:

Post a Comment

Subscribe to Post Comments [Atom]

<< Home