01
(Mangle no 2070, 8-14 Juni 2006)
RAJAH PAMUNAH
Pun sapun ka Maha Agung
Ka Gusti Nu Welas Asih
Gusti pamuntangan beurang
Gusti pamantengan peuting
Sajatining pati hurip
Sajatining kasucian
Pun sapun Awignam Astu
Paralun ka Budeur Awun
Ka Rumuhun ka Karuhun
Sunda Salaka wiwitan
Sunda Sembawa munggaran
Sunda Pakuan angkeuhan
Pun sapun ngala deuk menta
Seja amit kami mipit
Ka sakumna lelembutan
Nu narindak teu narapak
Nu nyoara tan rupana
Muga hurip napsi-napsi
Pun sapun ngungkab mandepun
Saksi tulis daun nipah
Carita Parahiyangan
Gurit tambaga lalayang
Gurit saksi batu tulis
Tamperkeun saripatina
Pun sapun nyarungsum galur
Siksakandang Karesian
Kacaangan kahibaran
Ku Pustaka Wangsakerta
Muga jembar nya panalar
Balungbang baranang siang
Pun sapun…
Ampun paralun…

Kawali, puseur dayeuh pamarentahan Nagri Sunda, taun 1477 Masehi…
Sakuriling dayeuhan, diparigi ku kai tangtung, regreg pereg direrekep. Di luareunana, dikalang ku susukan panghalang panarajang musuh. Susukan nu dieusi ku cai, beunang ngamalirkeun ti walungan, ngemplang moal kaluncatan kuda. Pikeun lar-supna patalimarga, aya dua gapura, di tebeh kaler jeung di tebeh kidul.
Di puseur dayeuhan, tingjungkiring imah panggung, konstruksi kai. Tingdarangong tohaga, tanggoh panceg napak bumi. Tihang-tihang kolongna, jangkung satangtung jalma tumpak kuda. Dibubut, diukir, direka kembang honje kembang tarate. Suhunanana, julang ngapak umpak, hanjung meru.
Karaton nu pangbadagna, dingaranan Dalem Timur Kadaton Wetan, atawa Kadaton Surawisesa, atawa Si Pawindu Hurip ngaran sejenna. Teu jauh ti dinya, aya kadaton nu disebut Dalem Sri Kancana Manik, atawa Bumi Ringgit Cipta Ririyak, di Pandan Larang.
Aya buruan lega, disebutna Si Mahut Putih Gede Manik, atawa Maya Datar, atawa Sunialaya ngaran sejenna. Pikeun pagelaran (latihan formasi perang), pamingtonan (pintonan rupa-rupa kasenian), dumukna di tonggoheun Sanghyang Wana Datar.
Lian ti kadaton, aya wangunan nu disebut Dalem Kalangsu Bumi Manik Kumaricik, atawa Ganggang Hopatih Bumi Ricik ngaran sejenna, di Sanghyang Sumur Bandung. Teu jauh di dinya, ngajajar Bale Bubut, Bale Mangu, Bale Watangan, Bale Tulis jeung Bale Sitan.
But-bat jalan ngembat, dibalay ku batu walungan, nu geus harideung semu herang. Saparat jalan, tingkelebet umbul-umbul warna-warni.
Paimahan somah, tingrunggunuk jujumplukan. Tetep renggenek, sepi paling, towong rampog, raharja pangeusi nagri. Huma, reuma, tumuwuh hade piara. Ingon-ingon baranahan, pagegelek di kandang, reuay di pangangonan.
Di tebeh kulon, ngadingding Gunung Sawal, ngalamuk biru, disaput halimun bodas. Balebat ti tebeh wetan, sumirat, lir gumebyarna sutra emas.
Angin sumilir ririh-rintih, heas dapuran awi, awor jeung kerelekna sora cai, cur-cor ti lamping pasir pagunungan. Inten, tingborelak dina pucuk-pucuk hanjuang.
Tinggarupay janur pucuk kalapa. Ririaban daun caringin kurung, tanjung jeung kiara. Kapireng sora manuk piit, walik, cangkurileung, cangkurawok, ungkut-ungkut, tikukur jeung purkutut.
Reumis maruragan tina pucuk-pucuk rungkun, kagalisir ku jubah koneng saheab, Sang Mahapraburesi Niskala Wastu Kancana, alias Sang Mahaprabu Buanatunggaldewata.
Najan umurna geus manjing kana saratus taun leuwih, pamuluna cekas bengras, teuteup seukeut pencrong rancingeus.
Pakulitanana bodas semu koneng, saules jeung warna jubahna, nu nyampay nyabeulah dina taktakna.
Pangawakanana jangkung, sapantar jeung iteuk waru gading, teteken di leungeun katuhuna. Teu ieuh rumanggieung, angka-angko, atawa rarampeolan, estuning jagjag belejag.
Buukna nu geus walatra bodas, digelung jucung, dibeungkeut ku kanteh bodas sagede curuk. Kumis jeung janggotna nu ngahiji, ngarumbay, sarua papada bodasna.
Basa nanjak, iteuk tembong gawena, nahan beurat awakna. Sacundukna ka golodog Bale Panumpen, ngarenghap serenghap, ngaganti hawa jero dada, ku hawa nu anyar tur seger.
Salampak kulit kidang alas dampal sukuna, tarapti nete umpak hambalan batu Bale Panumpen. Kulutrak iteukna, disarandekeun kana tihang, di tebeh juru. Teu lila kapireng gereyat-gereyot palupuh ti jero imah, katincak lengkah.
“Pun Sapun, bagea cunduk, Gusti Mahapraburesi…” ceuk lalaki tengah tuwuh, jrut turun, ngajanteng ajrih bari sinembah.
“Geus lawas, kami tara lolongok ka dieu, Ki Lingga,” ceuk Sang Mahapraburesi.
“Mungguh kitu, Gusti Mahapraburesi…” tembal Ki Lingga.
“Buncir keneh padaringan dia?”
“Aya meureun, saberuk, dua beruk deui mah…” tembal Ki Lingga semu asa-asa.
“Hampura, kami tambelar…” cek Sang Mahapraburesi.
“Tong teuing jadi pikir, Gusti Mahapraburesi…”
“Ari incu kami, sok aya nu ka dieu?”
“Nu mindeng mah, Anom Pamanahrasa. Sok cindekul huleng jentul, neges-neges jajaran aksara Sanghiyang Linggahiyang,” tembah Ki Lingga, nu ngaran dirina, katelah ku ngaran batu tangtung nu dipulasara ku manehna.
“Paingan, langka tepung…” cek Sang Mahapraburesi, bari ngalengkah unggah nete hambalan.
Regog, Ki Lingga ngaregog. Mundur salengkah, awakna disandoyongkeun. Sang Mahapraburesi unggah ka tepas. Gek diuk, dina amparan samak pandan bodas. Sila andekak, memener sisian jubah, nu nyiklak palebah tuurna.
“Kami seja amit mundur, Gusti Mahapraburesi…” cek Ki Lingga.
“Rek ka mana, dia?”
“Rek ka huma heula…”
“Rek naon?”
“Ngundeur pilalabeun…”
“Ke lanan, Ki Lingga. Memeh dia indit, cik panyokotkeun heula koropak,” cek Sang Mahapraburesi.
Ki Lingga giak unggeuk. Kalacat unggah, sup ka tengah imah. Kadenge kulutrakna. Teu lila, jol deui, bari nanggeuy koropak ukiran kai candana.
Lalaunan Ki Lingga deku. Kalawan tarapti, ati-ati, koropak ditunda di hareupeun Sang Mahapraburesi.
“Kami pamit heula, Gusti Mahapraburesi…”
Sang Mahapraburesi unggeuk bari imut.
Ki Lingga undur, jrut turun ka buruan. Lengkahna ngagedig gagancangan, ngulon ka tonggohkeun.
Koropak ukir ku Sang Mahapraburesi, dibuka tutupna. Kalawan ati-ati, ngaluarkeun kompet daun lontar, nu dibungkus ku boeh bodas. Seleber, seungit kai candana, jeung wawangi kembang kananga.
Sanggeus kompet dibuka, Sang Mahapraburesi mukaan daun lontar, salambar-salambar. Ti jajaran ka jajaran aksara, dilelek-lelek, diimeutan. Ti kalimah ka kalimah dilenyepan.
“Pun Sapun, Gusti Mahapraburesi…” cek sora awewe, nu geus nangtung rengkuh, di hareupeun umpak hambalan tangga.
“Cageur dia, Ni Lingga?” cek Sang Mahapraburesi, mencrong ka pamajikan Ki Lingga.
“Aya hibar, Gusti Mahapraburesi…” tembal Ni Lingga, bari rengkuh.
“Jung, rek ka dapur mah!?”
“Pamit undur, Gusti Mahapraburesi…”
“Seug!” tembal Sang Mahapraburesi.
Bari popoyongkodan, Ni Lingga undur. Leumpangna dengdek ngelek boboko, dieusi beas meunang ngisikan, ditumpangan wawadahan. Leungeun kencana, ngajingjing kele cai. Ngoreleng jalan ka pipir, sup asup ka dapur.
Sang Mahapraburesi, anteng uleng deui, tilem teuleum, kana kalimah tinulis dina daun lontar. Sakapeung kerung. Tembong bulu halisna, meh tepung. Sakapeung, nyawang ka jauhna.
Kira wanci haneut moyan, Sang Mahapraburesi, turun ti Bale Panumpen, leumpang ngidul mapay jalan satapak. Ti lengkah ka lengkah, tarapti ati-ati, dipapag ku hiliwirna angin tiis nu ririh rintih.
Teu sabaraha lila, cunduk ka padataran lemah duwur. Di sabudereunana, tumuwuh subur, kakayon leuweung samida.
Sang Mahapraburesi nyelang ngarandeg. Teuteupna seukeut, ngulincer, nitenan sakuriling bungking. Teup teuteupna eunteup, ka wangunan Punden Batu Umpak, jangkungna, sarua jeung tangtungan imah. Paranti unggahna, entepan hambalan batu panetean.
Di luhurna, ngampar balay batu lempar. Najan sok diberesihan, aya bae lebu barodas nu nyesa. Aya sababaraha guruntul areng, nu kaliwat teu kasapukeun.
Teu jauh tina wangunan Punden Batu Umpak, aya saung dihateup injuk, ditanggeuy ku lima tihang, bolongor teu make bilik. Di sabudereunana, rentul puluhan pendil, nu disarandekeun kana batu condong dipasagi.
Sang Mahapraburesi nuluykeun lengkahna. Iteukna ngetrik, niktrik batu-batu balay jajalaneun. Ngan ukur sababaraha lengkah, Sang Mahapraburesi, cunduk ka jeroeun saung.
Di jeroeun saung, aya dua batu badag, narangtung ajeg ngarendeng. Dina dadatarna, tembong sababaraha jajar aksara. Nya inyana, nu disebut batu tangtung Sanghiyang Linggahiyang.
Sanggeus ngudar salampak alas sukuna, nanggeuhkeun heula iteukna, kana siku-siku tihang. Bari rengkuh, Sang Mahapraburesi, ngadeukeutan batu Sanghiyang Linggahiyang, di luhureun batu lempar, aya opat pendil ngajajar. (hanca)

Labels: Pamanah Rasa